Assalamualaikum...
Sampurasun...
Dimana mun hiji mangsa jadi pamingpin, omat jalu anaking jimat awaking kudu bisa naekan jeung nerapkeun 5 elmu ieu. :
ka 1. Elmu Saepi
ka 2. Elmu napak sancang
ka 3. Elmu teu teurak di kadek (kebal)
ka 4. Elmu Rawa Rontek
ka 5. Elmu Halimun
- Elmu saepi lain kudu bisa ngapung,
tapi kudu bisa Saepikiran (berfikiran luas)
- Elmu napak sancang
lain kudu bisa lumpat di luhur cai, tapi kudu bisa napak ka sagala golongan ( etika bergaul / akhlakul karimah)
- Elmu Teu teurak di kadek,
lain kudu teu teurak di kadek atawa di tembak ku senjata, tapi kudu kuat pamadegan, kudu boga pendirian sorangan,teu teurak di pengaruhan ku sasaha.
- Elmu Rawa rontek..
lain kudu bisa di kadek nyambung deui, tapi kudu bisa ngahijikeun dulur2 anu keur pasea, kudu bisa ngahijikeun anu beda2 pamikiran.
- Elmu Halimunan
Lain kudu bisa ngaleungit, tapi kudu bisa nyumput dinu caang, bijil dinu poek artina ulah sombong jeng ria..
_Mugia simkuring tiasa ngalaksanakeun nana,_
Amiinn. . . .
Wileujeung wengi, sampurasun🙏 😂
Wassalamu'alaikum wr wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar